Malakal Maut

DIDAMELNA MAUT

Dicarioskeun dina hadits, tatkala Gusti Alloh ngadambeul maut, dihalangan ti sakabeh makhluk, kalawan mangrebu-rebu hahalang.

Ari gedena Maut leuwih gede ti batan langit 7 bumi 7.

Kakuatannana leuwih kuat ti batan kakuatan langit 7 bumi 7.

Dirante kalawan 70 rebu rante. Panjangna hiji-hiji rante lalakon 1000 taun.

Sadaya malaikat teu aya anu caket kaayaanna ka eta maut, sareng henteu aya nu terang di mana tempatna, sareng henteu terang kumaha tingkahna sareng henteu terang tepi iraha ayana eta maut.

Barang eta Maut bade di pasrahkeun ka Malaikat Ajro'il, teras malaikat Ajro'il unjukan ka Gusti Alloh, piunjukna: "Naon Gusti, ari maut?".

Dawuhan Gusti Alloh: "Heug, di tembongkeun ku Aing. Tarenjo ku maneh, heh sakabeh malaikat?".

Teras Malakal Ajro'il sareng sadayana malaikat pada ngadeug. Teras hahalang maut ku Gusti Alloh di
bukakeun, sareng nimbalan Gusti Alloh ka eta maut: "Heh Maut, beberkeun jangjang maneh kabeh!. Jeung bukakeun panon maneh kabeh".

Tuluy eta maut hiber. Barang katingalieun ku sadaya malaikat, sadaya malaikat pating jarungkel, kaleunggeur kabeh 1000 taun.

Saparantos garugah, teras arunjukan, piunjukna: "Gusti, kumaha ngadambeul deui makhluq anu langkung ageung tibatan Maut?".

Dawuhan Gusti Alloh: "Eta Maut didambeul ku Aing. Aing leuwih Agung tibatan Maut. Sakabeh makhluk pasti bakal ngasaan Maut".

Ngadawuh deui Gusti Alloh:
"Heh Ajro'il, kop kumaneh geura rawatan eta maut".

Dawuhan malakal Ajro'il: "Gusti, eta Maut langkung ageung sareng langkung kiat tibatan abdi, jadi abdi moal kiat".

Teras Malaikat Ajro'il ku Gusti Alloh dipaparin kakuatan langkung ti maut, sareng eta maut di cepeng ku panangannana.
-