Didamelna Adam as

DICIPTAKEUNANA KANJENG NABI ADAM AS
Ngadawuh Ibnu 'Abbas ra:
Gusti Alloh ngadameul jasadna Kanjeng Nabi Adam as tina sakabeh pajajahan dunya. Mangka ari mastakana tina taneuh ka'bah. Ari pinareupna (dadana) tina pajajahan bumi. Pungkurna sareng patuangannana tina taneuh Hindi. Panangan duanana tina taneuh Masriq. Sampean duanana tina taneuh Magrib.
Ceuk hiji riwayat, Kanjeng Nabi Adam as didameul ku Gusti Alloh tina bumi tujuh. Mastakana tina bumi ka hiji. Pundukna tina bumi ka dua. Pinareupna tina bumi ka tilu. Panangannana tina bumi ka opat. Pungkurna (tonggongna) tina bumi ka lima. Pahana tina bumi ka genep. Wentisna (bitisna) tina bumi ka tujuh.
Ceuk hiji riwayat dawuhan Ibnu 'Abbas ra:
Gusti Alloh ngadameul Nabi Adam as mastakana tina taneuh Baetul Muqodas. Rarayna tina taneuh sorga. Cepil duananna tina taneuh
Gunung Tursina. Taar duananna tina taneuh 'Iroq. Waosna tina taneuh Kautsar. Panangannana anu kenca tina taneuh Paris. Panangannana anu katuhu tina taneuh Ka'bah. Sampeannana tina taneuh
Hindi. Tulangna tina taneuh Gunung. Oratna tina taneuh Babil. Pungkurna tina taneuh 'Iroq. Patuangannana tina taneuh Khursan. Manahna tina taneuh Firdaus. Lisanna
tina taneuh Tho'if. Socana tina taneuh talaga Kautsar. Kumargi mastakana didameul tina taneuh Baetul Muqodas, mangka eta mastaka jadi tempat Akal, tempat kapinteran, tempat ngucap.
Kumargi cepilna tina taneuh Gunung Tursina, mangka eta cepil tempat ngadangu nasehat.
Kumargi taarna tina taneuh 'Iroq, mangka jadi eta taar paranti sujud ka Alloh.
Kumargi rarayna tina sorga, eta raray jadi
tempat rarangken sareng kaalusan.
Kumargi waosna didameul tina taneuh Kautsar, mangka jadi eta waos tempat mamanis.
Kumargi panangan anu tengen tina taneuh Ka'bah, mangka eta tangan jadi tempat berekah pitulung kana kahirupan, tempat barahan.
Kumargi panangan kiwa tina tanah Paris, mangka jadi panangan kiwa paranti bebersih, paranti istinja.
Kumargi eta patuangannana tina taneuh Khursan, mangka eta patuangan tempat lapar.
Kumargi oratna tina tanah Babil, mangka eta orat tempat syahwat.
Kumargi tulangna tina taneuh Gunung, mangka jadi eta tulang teuas.
Kumargi manahna tina Sorga, mangka jadi eta manah tempat iman.
Kumargi lisanna tina Tho'if, mangka jadi eta lisan tempat pasaksen, tempat depe-depe sareng ngadu'a ka Gusti Alloh. Sareng Gusti Alloh ngadameul di Kanjeng Nabi Adam as 9 lawang. Anu 7 dina mastakana, nyaeta dua soca, dua cepil, dua liang pangambung, sareng cangkem. Anu dua deui dina badan, nyaeta qobul sareng dubur. Sareng Gusti Alloh ngadameul di Kanjeng Nabi Adam panca indra lima, nyaeta kahiji paningali, ayana dina soca. Kadua pangdangu, ayana dina cepilna. Katilu icipan, ayana dina ilatna. Kaopat ambekan ayana dina pangambungna. Kalima rasa, ayana dina panangannana sareng sakuliah salirana.