Polahna Jalma Nu Kadatangan Ku Malakal Maut

POLAHNA JALMA-JALMA WAKTU KADATANGAN MAUT JEUNG NGAWEWELEHNA DUNYA KA AHLI DUNYA

Ari kapir sareng munapik sareng jalma mu'min anu cilaka, tatkala arek maot, mangka datang ka maranehannana malaikat ti kencaeunnana mawa siksa.

Ari rarayna eta malaikat, hideung. Socana sing baroncorot cara gerengseng tambaga meunang meuleum, caralik ngantosan malakal maut.

Ari parantos sumping malakal maut, teras malakal maut ngadeg payuneun nu rek maot, kacida matak
hebatna matak keueungna.

Teras nu rek maot teh nanya ka malakal maut, pokna: "Ari anjeun teh saha jeung rek aya perlu naon ka kaula?".

Saur malakal maot: "Kaula teh
Malakal Maut anu rek nyokot nyawa anjeun, rek ngaluarken anjeun ti dunya. Anak anjeun rek sina jadi yatim. Pamajikan anjeun sina jadi randa. Harta banda anjeun sina dicarokot ku ahli waris anu teu dipikaresep ku anjeun di dunya, anu anjeun acan ngaheulakeun pikeun anjeun di akherat. Tah, ayeuna kaula rek nyokot ruh anjeun".

Tidinya nu rek maot malengos kana balik, baruk malakal maut geus aya di hareupeunnana. Malik deui malengos kajihat nu sejen, malakal maut geus aya di hareupeunnana.

Saur malakal maut: "Naha teu nyaho kaula teh anu nyokot nyawa indung bapa maneh?. Kapan maneh oge nenjo, tapi teu dialap conto ku maneh?. Ieuh, sing nyaho, kaula teh Malakal Maut anu geus ngaruksak jalma-jalma baheula anu leuwih kuat, leuwih garagah tibatan maneh, leuwih bareunghar, leuwih loba anakna tibatan maneh. Kumaha perkara dunya ka
tenjona ku maneh? Karasana ku awak maneh? Jawab, heh nu rek maot!".

Ceuk jalma anu rek maot: "Ari perkawis
dunya ayeuna mah karaos
sareng buktos, yen manehna teh tukang tipu sareng tukang malsu".

Tidinya teras ku Gusti Alloh dunya teh dirupakeun, tuluy ngomong ka eta jalma: "Heh jalma masiat, teu gableg kekenyos, teu boga ka era, sakitu cikiplak ngajak ngabur dina ni'matna Pangeran, tepi kawani masiat, ayeuna mah nuding-nuding nyebut-nyebut tukang tipu, tukang malsu ka kami, geuning anu beng kaditu, beng kadieu teh maneh nu neangan Kami. Kami
mah teu sing neangan maneh. Gening maneh bakating kuhayang loba dunya nepika teu merduli, teu mikirkeun halal haramna, asal meunang bae dunya, teu daek ngaluarkeun zakatna, da sieun ngurangan. Samarukna moal pisah jeung dunya teh? Tah ayeuna kami lulubaran jeung maneh, jeung tina amal maneh, kami teu rek milu campur".

Tuluy eta dunya ngaleos. Ari geus ditangan batur, tuluy eta dunya ngomong deui: "Heh jalma masiat, jalma nu teu nurut kana parentah Pangeran, maneh ngasab ka kami teu kalawan jalan bener, teu daek ngaluarkeun zakat anu baris manpaat kamaneh ayeuna, jeung maneh kacida sieunna papisah jeung kami. Tah gening ayeuna mah kami geus dicekel ku batur, naon manpaatna ka awak maneh?".

Nyaeta anu di dawuhkeun ku Gusti Alloh dina Qur'an anu pimaksadeunnana kieu: "Dina poe anu teu aya gunana harta banda reujeung anak, anging gunanna teh anu mawa iman, islam, kalaman hate anu mulus".

Dina waktu eta unjukan jalma anu henteu soleh keur waktu di dunya, pokna: "Nun Gusti Pangeran jisim abdi, muga-muga ka jisim abdi diwangsulkeun deui ka dunya, abdi teh bade amal soleh, sareng harta banda abdi bade digunakeun kana perkara anu manpaat ka abdi".

Timbal gusti Alloh: "Moal bisa! Satiba-tiba geus datang ajalna hiji jalma, henteu bisa mundur henteu bisa maju samenit oge!".

Tidinya teras malakal maut nyandak ruhna si abdi. Lamun maot netepan iman islam, untung bagian nu teu aya hinggana. Upama maotna henteu netepan iman islam, rugi cilaka anu henteu aya tungtungna.
-