Adam Dilebetan Nur Muhammad

KANJEUNG NABI ADAM DILEBETAN NUR KANJENG NABI MUHAMMAD SAW

Saparantos Gusti Alloh nyampurnakeun kaayaan salirana Kanjeng Nabi Adam sareng parantos dipanjingan Ruh, parantos dianggoan makuta sareng rarangken sorga, dina taarna moncorong Nurna Kanjeng Nabi Muhammad saw, sepertos bulan tanggal opat beulas. Teras anjeuna dicalikkeun dina kartil, teras dipunggu ku pirang-pirang malaikat. Timbalan Gusti Alloh: "Heh sakabeh malaikat, eta Adam kudu dibarawa ka langit tujuh supaya uninga kana kaanehan-kaanehan di langit, supaya tambah kayakinannana".

Piunjuk malaikat: "Unjuk sumangga, jisim abdi tumut kana kersa Gusti".

Teras Nabi Adam di pupunggu ku malaikat dina kartil surga, ngurilingan langit dina jaman 100 taun. Tidinya teras Gusti Alloh ngadameul kuda tina kasturi anu bodas, anu kacida seungitna, disebutna "Memur". Ari jangjangna tina inten sareng marjan, teras ditunggangan ku Nabi Adam. Kadalina dicepeng ku Malaikat Jibril. Ari Malaikat Mingka'il ti palih tengen. Malaikat Isrofil ti palih kiwa. Teras Nabi Adam nguriling deui tujuh lapis langit tunggang kuda Memur di iring ku gegeden malaikat bari maparin salam ka ahli langit, teras dijarawab ku sadayana malaikat. Timbalan Gusti Alloh: "Heh Adam, ieu salam pikeun kahormatan maneh jeung anak incu maneh anu mu'min dina dinten Qiyamah.
-