H i k a y a t

HIKAYAT KA 1

Jaman baheula Malakal Maut ziarah ka Kanjeng Nabi Sulaeman as, sarta nalika kitu aya hiji lalaki dumeuheus ka Kangjeng Sulaeman as.

Barang eta lalaki ningali malakal maut, tuluy ngadegdeg bakating ku sieun.

Barang malakal maut parantos teu aya, teras eta lalaki unjukan ka Kangjeng Sulaeman as, nyuhunkeun supaya di anteurkeun ka nagara china.

Tidinya kanjeng nabi Sulaeman miwarang angin mawa eta si lalaki ka nagara china.

Tidinya teras malakal maut ziarah deui ka ka Kanjeng Nabi Sulaeman as.

Dawuhan Kanjeung Nabi Sulaeman ka malakal maut: "Naon margina ajeun kamari neuteup bae ka eta lalaki nu aya di dieu?".

Saur malakal maut pokna: "Kamri teh rada heran pribadi teh, wirehna nampi dawuhan kedah nyabut nyawana eta
jalma di nagara china poe kamari, sedengkeun kamari aya keneh di dieu. Tina kituna, pribadi teh tuluy ka nagara china bari henteu eureun-eureun heran. Tapi barang datang ka nagara china, eta jalma geus aya di ditu, tuluy ku pribadi dicabut nyawana".

Dawuhan Nabi Sulaeman as: "Har, baruk kitu? Barang anjeun mungkur oge eta jalma teh menta di anteurkeun ka nagara china. Basana teh cenah sieun ku anjeun. Harita keneh tuluy di anteurkeun ku angin".

Sareng di carioskeun dina hadits, malakal maut teh kagungan balad anu kalintang seueurna. Sadayana pada ngadeg di payuneun malakal maut ngantos-ngantos piwarangannana.
-

HIKAYAT KA 2

Dicarioskeun jaman baheula, aya hiji lalaki, saban ba'da sholat sok ngadu'akeun malaikat anu ngurus panonpoe. Pokna: ALLOHUMAG PIRLI WALIL MALAIKATIS SAMSI.

Hartosna:
"Ya Alloh, mugi Gusti kersa ngahampunten ka abdi sareung ka Malaikat Panonpoe".

Barang ka uninga ku malaikat anu ngurus panonpoe, teras anjeuna unjukan ka Gusti Alloh, nyuhunkeun widi bade ziarah ka eta lalaki tea.

Barang sumping ka eta lalaki, teras malaikat teh naros, saurna: "Naon pangabutuh anjeun, jeung aya kahayang naon anjeun numatak sok
ngadu'akeun ka kaula?"

Saur eta lalaki: "Upami tiasa
mah hoyong di bantun ka langit, hoyong dipangnaroskeun ka malakal maut, iraha pimaoteun abdi, supaos abdi tiasa sasayogian pibekeleun maot".

Tidinya teras eta lalaki harita keneh
dicandak ka langit ka opat, teras sina calik dina paranti calik malaikat tea.

Leos malaikat teh angkat nepangan malakal maut. Saur malakal maut: "Salira teh nyondong pikeursaeun?".

Saur malaikat nu ngurus panonpoe: "Kantenan, nyaeta aya hiji jalma kacida getolna ngadu'akeun ka pribadi, unggal ba'da sholat tara petot. Ari ditanya hayang dipangnarosken ka salira, Iraha pimaoteunnana?.

Tidinya teras Malakal Maut ninggal dina bukuna. Barang parantos ditingali, saurna: "Huuh, jauh keneh eta sobat anjeun lain jalma lumayan, jalma luhur. Manehna moal maot
anging kudu diuk dina tempat calik salira".

Saur Malaikat Panonpoe: "Huuh, puguh ayeuna oge keur diuk dina paranti diuk pribadi".

Saur Malakal Maot: "Samangsa-mangsa diuk dina tempat anjeun, tangtu nyawana di candak ku malaikat piwarangan pribadi".

Sareng dicarioskeun
dina hadits: Ari ajalna sasatoan eta dzikir ka Gusti Alloh. Upama poho henteu dzikir, henteu
eling ka Gusti Alloh, tuluy nyawana dicabut ku Gusti Alloh. Malakal maut mah teu gaduh urusan dina perkara nyabut nyawa sasatoan.

Ceuk hiji kaul, anu nyandak sakabeh ruh oge gusti Alloh. Sok disebut dicabut malakal maot teh eta mah sabab wungkul, cara sok disebut di paehan ku si anu, atanapi paehna ku kasakit anu. Padahal kabeh oge ku Gusti Alloh. Dalilna dawuhan Gusti Alloh: ALLOHU YATAWAPAL AMPUSA HINA MAOT TIHA.

Hartosna: "Ari Gusti Alloh eta anu ngamaotan sakabeh awak-awakan nalika beak ajalna awak-awakan".

(Walohu A'lam bishoowab)
-